50. MEUPEUS KEUYANG
Hartina : ambek ka nu urang teu wani, ari nyarekan ka nu urang wani, tapi ari maksudna mah ka nu teu wani tea.
Isuk-isuk poe Jumaah, Muhad dicarekan ku lanceukna ku Aspin, pedah manehna tacan ngamandian kuda, sabab keur ngadurukan heula runtah di kebon. Muhad kacida ambekna, tina rasana henteu boga salah, hal elat ngamandian kuda, atuh da lain ulin, ari rek ngalawan ka lanceukna teu wani.
Harita keneh, gero-gero adina awewe, pokna, "Kang Muhad geuwat ceuk ema pangnyokotkeun timba, ema rek siram.”
Muhad molotot bari ngomong, pokna, ”Naha aya budak cerewed teuing, teu kadeleh aing keur aya gawe, si kurang ajar sia, kalah ka cacapekna bae, cing atuh ku sia pigawe, deungeun-dengeun mah rujiteun neleh kebon sakieu baralana, hayoh geura mantog mangke sia dicabok ku aing.”
Adina balik bari ceurik bebeja ka indungna, yen diambek ku Muhad.
Ceuk indungna, ”Hih nyai, montong nyeri hate, kaka teh ambek lain ka nyai, nyai mah ngan dipake meupeus keuyang bae, tuh ka kaka Aspin”.
51. MALIDING SANAK (CUCUK PANON)
Hartina : pilih kasih.
Encen ngomong ka Taman, pokna, ”Taman, isukan mah dewek moal ka sakola”.
Taman, ”Naha ku naon?”
Encen, ”Ah cumah teu resep diguruan ku magang anyar mah, coba tadi dewek nulis jeung ngagambar leuwih alus manan si Tapen, si Tapen mah aksarana gede sawareh, sarta dicarekan, naha ari peunteunna gede si Tapen, ngagambar nya kitu, kilang dewek make dipulas, ari si Tapen mah henteu anggeus-anggeus acan, bet dibere tujuh, naha ari dewek ngan genep”.