Tapen, ”Enya, eta mah magang anyar teh sok cucuk panon (maliding sanak), mananu sok ngiring-ngiring manehna, eta bae nu diasih teh”.
52. MONYET NGAGUGULUNG KALAPA
Hartina : boga kitab atawa pusaka teu nyaho eusina atawa gawena.
Ikram unggal-unggal poe ngan ngakewek kitab bae, ka mana-mana henteu tinggaleun.
Dina hiji mangsa ditanya ku Nyi Ubi, pokna, ”Ikram, naon eta dibabawa bae?”
Wangsulna, ”Kitab pusaka ti karuhun”.
Ubi, ”Naon eusina?”
Ikram, ”Nyao teuing da kami mah teu nyaho”.
Ubi, ”Atuh cumah dibabawa oge, ari teu nyaho eusina mah, bet monyet ngagugulung kalapa”.
Ikram eraeun tuluy balik.
53. MINDINGAN BEUNGEUT KU SAWEUY
(ABANG-ABANG LAMBE)
Hartina : api-api suka, api-api resep, api-api daek ngomong.
Bapa Jariam boga anak awewe, dikawinkeun ka Udjang Sarpa.
Barang geus boga anak hiji, Udjang Sarpa katarajang gogoda nya eta daek maen, lacur, jeung gede bohong.
Ku sabab kitu, Bapa Jariam ngewaeun kacida ka minantuna, wani embung papanggih-papanggih acan.
Hiji mangsa Udjang Sarpa indit jeung pamajikanana ka