mitohana bari kikiriman, barang datang diaku ku mitohana awewe, da ari Pa Djariam mah jamedud bae, tina ku bawaning ngewa, malah incuna henteu disambat; Ujang nganjangna henteu lila tina nenjo semu mitohana, sanggeus balik, mitohana awewe nanya ka Bapa Djariam, pokna: "Naha ari maneh ka minantu teh jamedud bae?”
Wangsulna: ”Teu hayang ngaku aing mah ngewa”.
Ceuk pamajikanana: ”Hih manehna, atuh abang-abang lambe bae (mindingan beungeut ku saweuy) budak-budakna atuh sambat.”
54. MILIH-MILIH RABI, MINDAH-MINDAH RASA
Hartina : nyiar kangeunahan.
Armin ngomong ka pamajikanana Nyi Sutri, pokna, ”Sutri ku sabab urang geus sakieu heubeulna laki-rabi, bet euweuh kamarasan, ayeuna kami nyerahkeun, kami rek nyiar deui pipamajikaneun, atuh maneh geura nyiar pisalakieun nu hade repokna”.
Wangsul pamajikanana, ”Atuh geura serenkeun bae ka pun bapa; bener nya kitu, kapan ceuk paribasa oge milih-milih rabi mindah-mindah rasa bae, mana mangke jeung kangeunahan ka nu sejen”.
Atawa :
Basri mimiti jadi tukang sirop, geus kitu jadi tukang rujak, pek deui jadi tukang gendong, ti dinya jadi tukang bubur, ceuk Upin, ”Basri! sabaraha rupa ari dagangan silaing, bet rupa-rupa bae dagangan teh?”
Wangsulna, ”Ngan sarupa bae, ganti-ganti soteh ngan milih-milih rabi mindah-mindah rasa bae mana mangke nu panguntungna, nya eta dikeureuyeuh”.
55. MONYET DIBERE SESENGKED
(MONYET DIBEREAN SENGKED)