Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Hartina : nu jahat dituduhan pijalaneun, tangtu atoheun.

Si Bungka kasohor juru paling ti leuleutik, juru jana ti bubudak.

Dina hiji poe, prok papanggih jeung Bapa Jala. Omong Bapa Jala bari seuri, ”Lah euy, dewek mah sok inget ka silaing, di ditu di lembur Bengkok, aya nu beunghar ngaranna Pa Ajir, ari neundeun duit teh dina dapuran awi, tukangeun imahna, diwadahan dina pariuk, nu matak diteundeun di dinya, sabab upama diteundeun di jero imah, sieuneun aya nu maling”.

Ceuk si Bungka, ”Dina dapuran awi naon?”

Bapa Jala, ”Dapuran awi, tukangeun imahna, euweuh deui awi sejen”.

Isukna pasosore si Bungka geus indit ti imahna, ngajugjug lembur Bengkok, sanggeus nepi ti peutingna tuluy kana dapuran awi tukangeun imah Ajir; barang dikorehan kana dapuran awi, beh bae pariuk duit, harita keneh tuluy digembol kana sampingna, sarta dibawa balik sapeupeuting.

Di jalan papapag jeung pulisi, barang pulisi nenjo jelema ngagembol duit, geuwat dicerek, ari disidikkeun bet si Bungka, tuluy ditahan dibawa ka desa, sabab bisi beunang maling.

Ari isukna tetela aya nu kapalingan duit, ayeuna si Bungka tuluy dilaporkeun ka dayeuh.

Barang Bapa Jala nyahoeun, manehna gogodeg heraneun, tuluy ngomong ka pamajikanana, pokna, ”Nya edas bae si Bungka mah, sakitu jauhna ka lembur Bengkok da aya palingeun, pedah dibejaan ku kami, wani diteang”.

Ceuk pamajikanana, ”Eta maneh ulah sok lalawora, ngabejaan juru-jana, kumaha lamun kababawa, eta mah sarua bae jeung monyet dibere sesengked (monyet diberean sengked)”.

Atawa :