Kalobaanana di unggal-unggal sakola murid teh meh unggal-unggal klas bangor, ari katurug-turug ku guruna sok ditinggalkeun, ngadon ngawangkong ka sejen kelas, eta sarua bae jeung monyet dibere sesengked.
56. NYALINDUNG KA GELUNG
Hartina : lalaki malarat kawin ka awewe beunghar rek nurut hakan pake.
Kemis tara pati diaku ku dulurdulurna tina teu aya kabogana, dina hiji mangsa manehna hawar-hawar meunang beja yen di lembur Ciduren aya randa beunghar, rupana meujeuhna.
Isukna Ki Kemis indit ka Ciduren, maksudna hayang meunangkeun eta randa, barang gok papanggih, kabeneran randa teh bogoheun, tuluy nanyakeun ka Ki Kemis.
Pokna, "Anjeun ti mana, saha tuang jenengan, sareng naon pimaksadeun?”
Wangsul Ki Kemis, ”Kuring ti dayeuh, ari ngaran Kemis, sumeja ulin bae hayang nyaho panyabaan”.
Randa,”Ka saha kagungan rai ?”’
Kemis, ”Bo! boloampar gaduh bojo, sakalieun teda pake oge teu cekap”.
Randa, ”Atuh ari teu kagungan rai mah, nya di dieu bae, urang sasarengan, da kuring oge teu gaduh salaki geus maot, bari sugan kersa nuluykeun raja kaya pun lanceuk, nu geus tilar dunya, ari baris tuang leueut mah keun bae kumaha kuring”.
Ki Kemis, ”Atuh ari kitu mah bade ngiringan bae.”
Terus sorena Ki Kemis kawin, sanggeus dua tilu poe, tuluy ka dayeuh rek nganjang ka dulur-<lulurna, make singsarwa weuteuh.
Barang datang dulur-dulurna kaget, naha Ki Kemis bet jadi ginding, ceuk lanceukna, ’’Bagea euy, ti mana silaing ayeuna mah