Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bet ginding”.

Wangsulna, ”Ti Ciduren, sareng di ditu gaduh bojo ka nu beunghar, sarta nyaaheun ka kuring”.

Ceuk dulurna, ”Sukur euy silaing geus aya nu mikanyaah, sing bageur ulah nyiar pikacuaeun pamajikan, da silaing teh nyalindung kagelung”.

57. NGUKUT KUDA KURU, ARI GEUS
LINTUH SOK NYEPAK

Hartina : nu ngukut bujang nu tadina kabalangsak hakan pake, ari geus ginding sok ngalawan.

Arki datang ka haji Sariam, ceuk Arki, ”Nun juragan, manawi katampi jisim kuring bade bubujang di dieu, margi jisim kuring geus teu gaduh indung bapa, ayeuna kumaha kersa juragan bae, masih dikieu-kieu ge sumeja dilampahkeun”.

Haji Sariam, "Hade lamun bener saomong maneh, tuh pondok maneh di dapur; ari pagawean unggal-unggal poe, beberesih di saider pakarangan jeung dijero imah”.

Arki, ”Mangga”.

Harita oge Arki tuluy beberesih, getol imeut pisan sapoe harita teu ngareureuhkeun cape. Haji Sariam suka ati nenjo bujang getol isuk sok dibere calana jeung baju paranti digawe.

Barang geus meunang 4-5 bulan Arki ayana di haji Sariam, teu wudu ginding boga totopong rangkepan, baju samping nya kitu, duit boga teundeun saeutik-eutikeun.

Hiji mangsa juraganana nitah mapas pager, tapi Arki teu buru-buru cara sasari, anggur pek bae nitah baturna, tunggal bujang haji Sariam keneh.

Geus kitu Arki dititah deui ngaganti pager sakur nu geus bobo, tapi Arki tuluy nitah deui baturna tea, malah gegelendeng pokna, ”Edas bae juragan mah aya loba parentah”, jeung rea-rea

49