deui omongna.
Heuleut dua poe, juraganana nitah deui ngomean bilik dapur, pokna, ”Arki! coba ganti bilik dapur, meuli bae bilikna nu kandel nu alus”.
Arki, "Lah edas bae juragan mah, bet merekpek ka kuring bae, cing itu bae batur anu sejen, bet kieu-kieu teh ngan ka sorangan bae”.
Carek haji Sariam bari seuri koneng, ”Aeh! aeh! si Arki bet jadi kitu, meureun sia ngalawan oge ka aing da geus ginding, deuleu kudu cara bareto keur waktu sia datang, geuning tara aya basa kitu ka aing, da sia keur rudin, ieu mah sarua bae jeung ngukut Kuda kuru, ari geus lintuh mah nyepak.”
Si Arki tungkul henteu ngomong.
58. NGALEGOKAN TAPAK (NGAJEROAN TAPAK)
Hartina: nambahan kasalahan.
Dina hiji poe Si Ingkan ditangkep ku pulisi, sabab manehna ka ambat ku si Sahi anu maling samping ambu Irun.
Barang datang ka Hakim, tuluy dipariksa.
Hakim, “Ingkan, enya maneh bareng maling jeung si Sahi?”
Ingkan, ”Teu pisan-pisan jisim kuring maling bareng, ngan rumaos reureujeungan nyaba bae”.
Hakim, “Eta maneh bareng abus ka imah ambu Isrun?”
Ingkan, ”Sumuhun bareng, sugan teh sanes rek maling”.
Hakim, ”Ku saha dijualna eta samping?”
Ingkan, ”Ku jisim kuring”,
Hakim, ”Ari duitna diduakeun?”
Ingkan, ”Sumuhun diduakeun”.