Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Hakim, "Lamun kitu maneh sapongkol, hayoh upas bawa duanana ka bui”.

Tuluy ku upas dibawa, ari di jalan upasna dihurup pada neunggeul datang ka ruksak.

Si Ingkan geuwat lumpat sejana rek kabur, tapi teu kungsi kebat lumpatna, sabab kapegat manten ku Lurah. Barang Ingkan geus kacekel, ceuk Lurah: “Ingkan, naha sia kitu kalakuan, ieu mah ditenjo-tenjona bet ngalegokan tapak”.

59. NYA NGAGOGOG, NYA MANTOG

Hartina : manehna nu nyieun surat, pikeun ka hiji jelema, manehna nu nganteurkeun.

Irin nyieun surat keur ka Juher, kieu unina: alamat surat :

Serat kahatur kang rayi Juher di Pungkur.”

dijerona :

"Kang rayi! dina minggu hareup tanggal 3 Juli, akang bade nyunatan pun anak, kumargi eta sanget panuhun akang, supaya kang rayi ngaluuhan kana hajat akang nun”.

Eta surat tuluy ditilep sarta diadresan sakali.

Ti dinya gero-gero ka alona teu aya, ka adina teu aya; tina euweuh titaheun, tuluy bae indit ku maneh ka Juher.

Barang datang pok ditanya ku Juher, omonganana, ”Kamana kang?”

Irin, ”Mawa surat keur ka anjeun”.

Juher, ”Surat ti saha?”

Irin, "Surat ti akang, puguh euweuh titaheun, sakalian akang rek ka tuang ibu di lebak.”

Surat sok dibikeun, manehna tuluy ka ambu Juher.

Barang datang ditanya ku ambu Juher, pokna, ”Ti mana

51