Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Irin?”
Wangsulna, “Ti tuang putra Juher, nganteurkeun surat”.
Ambu Juher, ”Surat ti saha?”
Wangsulna, ”Ti kuring”’.
Ambu Juher, ”Saha nu nyieun?”
Irin, ”Kuring”.
Ambu Juher seuri, pokna, ”Heueuh, atuh nyangagogog nya mantog”.

60. NGALEBUR TAPAK

Hartina : ngaleungitkeun atawa nunda lampah nu goreng, supaya jadi (migawe) lampah nu hade.

Hiji jalma ngaran bapa Iskat urang desa Leuweung gede, kalakuanana ti baheula, taya deui ngan maling, ngarampog, nipu jeung ngabegal; saperti aya nu ngaliwat tibeurang atawa tipeuting, tuluy barangna dibegal, kitu deui upama aya nu talobeh kana bandana kuda, domba atawa munding, tuluy bae dipaling, sarta sok tuluy dipeuncitan, dagingna dihakan atawa dijual, malah miara dua tilu bangsat baris pibatureun, manehna jadi kapalana.

Eta bapa Iskat boga imah gede, sawah, kebon lega sarta boga pirang-pirang munding, tapi lampahna terus bae jahat.

Dina hiji poe manehna kaanjangan hiji Kiai, tuluy Kiai carita, nyaritakeun hukuman jelema nu goreng lampahna engke di aherat.

Ku bapa Iskat kapikir sarta reuwaseun pisan, sabab dirina pinuh ku kagorengan, ayeuna manehna boga pikir hayang miceun kana kajahatanana, tina ngingetkeun kana saur Kiai tea. Ti dinya bapa Iskat tuluy guguru, salat (sambeang) ka Kiai, ayeuna bapa Iskat jadi nyantri pisan.

Heuleut sataun ti saentas guguru tea, manehna unjukan ka Kiai, pokna, ”Nun Kiai jisim kuring ayeuna bade gaduh maksad, nya eta hayang ka Mekah meungpeung gaduh pisarateunana,

52