Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tina rumaos jisim kuring jelema kotor atawa jahat, hayang jadi jelema suci (bageur) sakumaha timbalan Kiai tea”.

Kiai, ”Hade sukur pisan maneh niat kitu, bener ulah kapalang kudu ngalebur tapak”.

61. NGABEJAAN BULU TUUR

Hartina : ngabejaan nu geus nyahoeun.

Darja leumpang ka lembur Nempel, karepna rek nepungan sobatna ngaran Emor, barang datang sarta Darja tacan kungsi papanggih jeung sobatna, urang lembur eta guyur lalumpatan, nu ngaler nu ngidul bari sosoak, pokna,”Bagong mogok! bagong mogok!”.

Darja geuwat milu lumpat, hayang nyaho di mana ayana. Barang nepi ka tempat bagong, tuluy eta bagong pada numbak, pada ngadek pada nguli, malah si Emor oge harita aya di dinya, ngan henteu katenjo bae ku si Darja tina loba jelema, si Emor bobolokot bari ngahantem ngadekan bagong, malah nyempog pingpingna sapingping, keur ngirim anjingna, tuluy balik.

Ari Darja sanggeus nenjo, tuluy mandi ka walungan, demi enggeus mandi tuluy ka imah si Emor; ti buruan keneh geus gegeroan, pokna, ”Emor! Emor! ka dieu, naha silaing teu milu moro bagong, dewek mah bieu resep pisan tuh! dina sisi lembur aya bagong mogok, lah aya gede sihungna oge wani geus pakotrek”.

Si Emor seuri bari ngomong, pokna, "Hayoh ngabejaan bulu tuur, kapan bieu dewek oge mentas ti ditu milu ngepung, tuh geuning di pipir pingpingna keur anjing”.

62. NYIAR BATUK PIBARAHEUN

Hartina: nyiar pikasakiteun (pipaseaeun).

Arbi meunang beja ti Ingka, yen uana dicarekan ku Lurahna, sabab henteu nurut perentah.

53