Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Arbi panas atina, tuluy bebeja ka indungna, pokna, ”Ema bejana ua dicarekan ku Lurah, pedah teu nurut parentah, naha aya Lurah bengis-bengis teuing kuring mah teu ngeunah boga ua dicarekan batur, keun Lurah ku kuring rek dicarekan deui, nya jeung kuring aduna”.

Indungna ngambek ka Arbi, pokna, ”Montong! nanaonan nyieun kitu, keun bae da geus pada kolot, mana kitu oge meureun salah, naha maneh teu nyaho kapan Lurah teh ka urang keur malang hatena, ieu hayoh rek diontrog ka imahna, nyiar batuk pibaraheun”.

63. NGAGULKEUN PAYUNG BUTUT

Hartina : ngagulkeun (muji) karuhun sorangan.

Ambu Niran ngomong ka Ambu Ambit, pokna, “Ibu nyai, ari tuang rama atawa tuang ibu asal ti mana?”

Wangsulna, ”Asal ti dieu bae”.

Ambu Niran, ”Kana naon baheula damelna?”

Ambu Ambit, ”Ah asal kuli-kuli bae”.

”Sugan kasebut bisa naon baheulana, da bapa kuring mah bejana jadi sabiwir hiji tina karajinanana, menak-menak, tuan-tuan pada asih kabeh, sumawonna pun aki mah, kaondang ka nagara sejen, eta komo pun aki, masang bae jeung saderekna nu istri, sagala bisa malah jadi panarosan menak-menak”.

Ambit olohok bae bari unggeuk-unggeukan; sanggeus beak omong Ambu Niran, tuluy balik, barang datang ka imahna, Nyi Emeh anakna keur ngawekwek bae bari natanyakeun indungna, pokna, Naha atuh ka mana ema teh, sakieu di imah wadah kalotor keneh jeung acan boga cai”.

Ceuk Ambu Ambit "leu, nyai, ema, kutan geus datang ti pasar teh”,

Nyi Emeh, ”Ema teh ti mana, utrak-atrok bae sakieu geus

54