beurangna tacan boga cai-cai acan, jeung wadah wani kalotor”.
Ambu Ambit, ”Ti dinya ti Ambu Niran, puguh resep ngadenge manehna nyaritakeuh karuhunna, sugan teh lain turunan fajin”.
Emeh, "Wah mun enya ge karuhunna rajin, manehna oge meureun rajin, bari saruananu ngagulkeun payung butut didenge”.
64. NEUKTEUK MARI ANGGEUS,
ROKROK PONDOKEUN, PEUNGGAS HARUPATEUN
Hartina : nuduhkeun ka jelema nu pondok ingetan nu heuras ati, babari anggeus-anggeusan.
Ungkar urang lembur Cikareo dijurung ku bapana ka dayeuh sina sakola, dibahanan hiji budak baris bujangna ngaranna si Talip. Eta budak hideng nurut pisan, sakumaha parentah dunungan tara mungpang.
Barang Ungkar sakolana geus meunang sataun, si Talip katarajang gering muriang, tapi najan manehna gering oge, ari kana parentah dunungan mah sok ngeureuyeuh bae.
Dina hiji poe Ungkar nitah nyokot baju ka minatu, tapi si Talip teu bisa indit, sabab keur manasan, Ungkar ngambek, pokna, "Geus Talip sia geura mantog bae ka ditu, teu sudi aing boga bujang mungpang kana titahan”.
Wangsul Talip, ”Ujang, kuring lain mungpang, ngan permios bae sabot manasan, dimana geus bijil kesang, tangtu kuring indit”.
Ungkar, "Meugeus montong miwir, aing geus teu hayang neuleu-neuleu acan ka sia, ti ayeuna sia ulah nece-nece deui ka dieu”’.
Sabot Ungkar nyarekan Talip, jol bapana ti Cikareo ngirim bekel, ceuk bapa Ungkar, "Ku naon ujang si Talip dicarekan?”
Wangsulna, "Eta pa teu daekeun dititah ka minatu, kuring