Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mah teu resep ka budak kitu, ayeuna mah candak bae ka ditu”.

Bapa, "Aeh! aeh! ujang sing awas geuning eta budak teh gering, beungeutna wani pias jeung kuru, cing Ujang ulah kitu, babari naker anggeus-anggeusan, ieu mah ka bujang teh neukteuk mari anggeus (rokrok pondokeun) (peunggas harupateun)”.

65. NGIJING SILA, BENGKOK SEMBAH

Hartina: nu teu junun (suhud).

Baip jeung Usid pada bubujang di Nyi Haji Emas, Baip lamun dititah ku Nyi Haji, sok rada kaleked, indit-indit tea mah, tapi sok talangke pisan, aya kenceng ana dititah, sok tuluy luas-leos nyaba ka sobat-sobatna”.

Ari Usid mah henteu, lamun dititah buru-buru, di imah tara cicing, saparentah dunungan diingetkeun, jadi Usid dipikanyaah pisan ku dununganana.

Dina hiji poe Baip dititah neang baju ku dununganana ka tukang ngaput, sabab eta baju perlu poe eta rek dikirimkeun ka alona di sejen distrik. Baip tuluy indit, tapi henteu tuluy ka tukang ngaput, manehna lalajo lais heula, sanggeus lalajo lais, diajak ku sobatna marak ka walungan.

Nyi Haji geus ngalongokan bae, naha Baip teu geura jol, tina lilana geuwat nitah Usid; Usid indit ka tukang ngaput, teu sabaraha lilana geus datang deui mawa baju.

Pabuburit kira pukul satengah tujuh, Baip datang ti pamarakan mawa lauk saeutik.

Carek juraganana, ”Baip mana baju, jeung sia tuluy ka mana?”

Wangsulna, ”Baju teu acan parantos ceuk tukang ngaput, kudu isuk pukul 9; ari kuring tuluy marak, laukna Kenging saeutik”.

56