Nyi Haji, ”Ku sabab sia geus ngabohong, ayeuna sia geura montong cicing di aing, aing teu hayang boga bujang ngijing sila bengkok sembah”.
Katerangan: Baip ngijing sila bengkok sembah.
Usid teu ngijing sila teu bengkok sembah.
hartina suhud.
66. NOONG KA KOLONG
Hartina : leutik hate (pondok pikiran).
Nyi Sulit ceurik bae tibeurang tipeuting, pedah rek diserahkeun ku salakina.
Sabot manehna ceurik, datang sobatna Nyi ener, pokna, ”Sulit ari maneh ku naon ngan veurik bae, panon wani geus carindul?”
Wangsulna, “Lah Nyi Ener, kuring teh keur sumpeg pipikiran, da salaki kuring teu puguh bae, malah kuring rek diserahkeun ku salaki, kumaha da geus teu boga baraya, boga oge lanceuk awewe da euweuh turutaneunana".
Nyi Ener, ”Hih naha dipake teuing leutik hate, keun bae serahkeun oge da ngora keneh, moal burung payu deui, ieu mah bet noong ka kolong, tanggah ka langit, meugeus montong dipake ceurik balilihan”.
67. NILIK BARI NGEUSI
Hartina : babanda nungtut lalaunan saeutik-saeutik (sarupa-rupa).
Ismadi geus boga bayaran lima ringgit sabulan, dina hiji mangsa diomongan ku indungna, pokna, ”Ujang! maneh ayeuna geus boga kauntungan, cing kadieukeun eta duit teh, ku ema rek diteundeun, mangke bulan harep urang beulikeun kana imah Nyi