Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Bapa Munah, Wayáhna Ujang, sugan mangke ka hareup aya kasalametan”.

69. NYEUNGSEURIKEUN UPIH RAGRAG

Hartina : nyeungseurikeun batur, tur ku maneh bakal ka sorang.

Si Utun budak cilimit pisan, ngalayan jeung si Dopo, manggih nu kieu-kieu teh diseungseurikeun, sumawonna lamun papanggih jeung pada barudak, tuluy diheureuyan nepi ka ceurik.

Dina hiji mangsa, manehna keur aya di tepasna jeung si Dopo, lar aki-aki geus bengkung sarta gideug, barang katenjo ku Si Utun, tuluy noel ka si Dopo bari metakeun eta aki-aki, si Dopo jeung si Utun key seuseurian cacalakatakan.

Sabot keur saleuseurian, bapana bijil ti imah bari ngomong, pokna, "He barudak bangkawarah, eta maneh teu hade nyieun kitu lampah, lamun maneh teu nyaho, eta lampah nyeung seurikeun upih ragrag, hartina nyeungseurikeun nu bakal kasorang”.

Atawa :

Nyi Tawi geus heubeul henteu papanggih jeung bibina, barang gok amprok, bibina geus tawehwoh sarta geus huisan, memeh ngomong Nyi Tawi pipingkelan seuri, ari geus capeeun seurina, tuluy ngomong, pokna, ”Aeh! aeh! embi, naha eta wani geus tawehwoh, rambut wani geus bodas, euweuh saeutik-eutik acan rupa bareto teh, bari tuluy deui seuri”.

Ceuk bibina, ”Hih Nyai ulah kitu, atuh pantes bae da geus kolot, lamun kitu nyai nyeungseurikeun upih ragrag”.

70. NGEUPEUL NGAHUAPAN MANEH

Hartina: nu mikawelas dirina sorangan, supaya aya

59