Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tulung batur.

Pa Muhi ngomong ka Pa Ija, pokna, "Cing kuring tulung pare, nginjeum 5 gedeng mah, mangke dibere kurung manuk ku kuring."

Pa Ija, "Ah keur naon kurung, da kaula mah tara miara manuk".

Pa Muhi, "Atuh sugan jualkeun deui bae, da lamun anjeun nyaho mah kana kabutuhan kuring, tangtu welas, wani geus kapapang-kopepeng nyiar pangabutuh, ti kamari, nya eta atuh kuring mah salawasna matak hhawatir bae, komo lamun anjeun nyaho basa kuring keur gering payah, meureun ceurik, tina kasangsaraan kuring, jeung eta sakur nu nulung ka kuring sok jalembar bae, geuning ceuk bebe mah lamun urang welas ka batur, mangke di ahir sok aya deui nu males kahadeanana sarta upama undur sapuluh gedeng, datangna deui saratus gedeng". Pa Ija seuri, pokna, "Meugeus Pa Muhi, montong ngeupeul ngahuwapan maneh, top eta 2 gedeng mere bae".

71. NINI-NINI DIKENINGAN

(EWE RANDA DIHIASAN)

Hartina: ngararangkenan barang nu geus ruksak, saperti imah geus saboreun dicet, diterapan gambar.

Pa Udin meunang warisan pakarangan jeung imahna, tapi geus ruksak, jandela geus bobo, panto geus lalesotan gerendelna, sumawonna kaina geus lebur dihakan toko. Barang eta imah geus kapimilik, tuluy manehna meuli cet, sejana rek ngecet jandela jeung panto, sarta cemped-cempedna; ari geus meunang, prak dicet; sabot keur ngecet datang ujang Enong, pokna, "Keur naon pa?"

Wangsulna, "Keur ngabebers imah".

60