Enong, "Hih bapa mah nini-nini dikeningan". Atawa: "Hih bapa mah ewe randa dihiasan".
72. NGADEUPAAN LINCAR
Hartina: ngarah diajak; ngajalankeunana api-api.
Dina poe Jumaah Ispan meuncit embe rek hajat, ngondangan sobat sobatna, tapi Pa Jahe nu imahna hareupeun Ispan henteu diondang.
Barang nu diondang geus ngariung, manehna kaget henteu pikirna ngaguligah, saperkara hayang diondang, kadua era tungtungna tuluy nyoo hayam nu keur nyileungleum di tepasna atuh hayam teh gera! gero! bae.
Ceuk Ispan bari ngagorowok di jero imah, "Saha eta teh ngagandengkeun teuing nyoo hayam?"
Wangsulna, "Kuring! ieu keur ditambahan sapuna".
CeuIspan, "Aeh! Pa Jahe, geuwat atuh kadieu urang ngariung.
Wangsulna, "Mangga ieu acan anggeus".
Tina dikeukeuhan Pa Jahe tuluy milu.
"Tah! kalakuan Pa Jahe asup kana paribasa ngadeupaan lincar.
Atawa :
Bapa Dira ngeneseun ku Armu, pedah batur-baturna diondang ari manehna henteu.
Barang rek prak ngariung, Bapa Dira tuluy ngadukeun anjing di buruan Armu.
Armu tuluy ngomong bedas ti jero imah, pokna, "Saha eta ngadukeun anjing di buruan?” .
Wangsulna, "Kula Bapa Dira".