Ceuk Armu, "Kutan, kolot-kolot cara budak ngadukeun anjing".
Bapa Dira, "Wah mun kolot oge diondang", bari tuluy indit.
Ceuk pamajikan Armu, "Akang, atuh meureun bae ari teu diondang mah, kirim alas bae atuh engke". Ieu mah nu ngadeupaan lincar disebut budak.
73. UCING NYANDING PAISAN
Hartina : bangsat nyanding palingeun.
Ki Jaya magang Kabupaten, dina hiji poe ngomong ka Wira baturna magang, pokna, "Wira, kuring meunang beja yen Ahin pagawe pajeg, kabur mawa duit Gupernemen Rp.2000,- ayeuna keur dipulisi, naha eta Ahim bet kitu".
Ceuk Wira, "Hih Jaya! dewek mah teu kaget, ti sakolana oge dilepas, sabab sok daek ceceremed, henteu kari banda batur, malah wani nyokot kagungan guruna, komo ayeuna digawe salawasna ngan ngucel duit bae, tangtu manehna kagoda sarta geus tuman kana maling, moal enya leungit adatna goreng".
Jaya bari unggeuk-unggeukan, pokna, "O! paingan ari kitu mah, atuh ucing nyanding paisan".
74. UNCAL KAAUBAN SURAK
Hartina: nu ngadenge beja, tacan sidik oge, tuluy diandel enya bae (kakara ngadenge beja, tuluy dipercaya bae).
Dina hiji poe Nyi Minah ngambek ka salakina, dumeh manehna ngadenge beja, yen salakina dagangna untung, omongna, "Bapa barudak, ayeuna kami geura serahkeun bae, geus teu kaduga ngawulaan maneh".
Salaki, "Naha ku naon?"