Nyi Minah, "Tadi maneh mere balanja kurang satalen, ceuk maneh teu boga deui, da dagang teu payu; eta omong maneh bohong, kami geus meunang beja, kamari maneh untung gede, naha ari ka pamajikan bet salingkuh, boro-boro dibawa saati sina suka, ieu mah balanja oge dikurangan, jeung lain sakali bae maneh mah kitu teh, bareto nya kitu meunang untung ti kontrakan bet teu beja-beja.
Salaki, "Aeh! aeh! ceuk saha untung, atuh sageuy untung mah teu bebeja, peupeuriheun bulan tukang kami boga untung gede, geuning bro bae kabeh dibikeun, cing aadatan teh sing aya euih-euihna, ngadenge-denge beja teu puguh diandel, kudu sidik, ieu mah bet uncal kaauban surak".
75. ULAH TIIS-TIIS JAHE
Hartina: ulah kangeungeunahan kudu ati-ati.
Bapa Irtab padu sawah jeung ki Jawi, kajadianana Ki Jawi nu meunang, manehna kacida suka bungahna, unggal-unggal poe unggal-unggal peuting, sukan-sukan jeung batur-baturna.
Sobatna nu ngaran Wardi ngomong, pokna, "Jawi, ulah suka-suka teuing jeungulah kangeungeunahan, pedah silaing geus meunang padu, karana dewek meunang beja sidik, ayeuna bapa Irtab keur mokrolkeun ka ujang Suram, tina teu ngeunah dielehkeun.
Ceuk batur-baturna, "Bener Wi bener; ulah tiis-tiis jahe urang teh kudu ati-ati."
76. ULAH CARA KA KEMBANG MALATI, KUDU CARA KA PICUNG
Hartina : ulah babari bosen kudu mayeng kanyaah; kudu mimitina asih beuki lila beuki asih.
Lumbrahna ka awewe, nya eta nu laki rabi, ari keur anyaran