Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 minangka ka kembang malati, dihantem diambeuan, ari geus teu aya seungitna sok tuluy dipiceun, nya kitu deui ka awewe, lamun keur ngora keneh sok diasih, ari geus kolot sok tuluy diserahkeun.

 Demi hadena kudu keur ngora keneh, atawa keur anyar keneh asih, beuki heubeul beuki asih, sakumaha kaayaan picung, keur waktu ngora keneh loba nu beuki (resep) sumawonna mun geus jadi kelewek, rea pisan gawena atawa pada asih.

77. PIPILIH NYIAR NU LEUWIH, KOCEPLAK MEUNANG NU PECAK

 Hartina: hayang meunang nu pangalusna pisan, ari meunang nu panggorengna.

 Dina usum katiga, urang kampung Cikaso badami jeung batur-baturna, dina poe Minggu rek muka rumpon di hiji walungan.

 Lurah desa eta, geus nitah tua kampung nginjeum heurap nu pangalusna pakeeum manehna, tuluy tua-tua indit ka somahan, dikumpulkeun sakur nu boga heurap, barang geus kumpul heurap-heurap, tuluy Lurah Cikaso milihan, aya nu hade sarta weuteuh anu Jurutulis, tapi teu dicokot sabab rada gede teuing, aya deui nu Katir weuteuh sarta anyaran direueuy, tapi henteu cocog sabab rada leutik, jol deui anu Lebe, heurap beunang ngareueuy sarta purug, ah henteu cocog dina bantunna rada pondok.

 Omong Lurah, "Ieu heurap cig bae barawa deui, parake bae ku maraneh, keun bae kami mah rek nyiar deui nu weuteuh".

 Barang nepi kana poe Minggu tea, pukul sawelas geus sadia, wide geus dipasangkeun sarta geus rarekep pisan, ngan rumponna tacan diangkat, sabab nunggu Lurah, barang disusulan Lurah geus samar kolesed, tina acan meunang heurapna, aya oge heurap minantuna geus bobo butut jeung teu direueuy, katurug-turug tacan dikukuhkeun, atuh pakepuk manehna ngukuhkeun heurap butut, ari geus anggeus tuluy indit.

 Sanggeus datang tuluy jelema-jelema pada narikan rumpon,

64