demi geus kaangkat kabeh, jelema-jelema pada hayang geura ngarungkup.
Kuwu oge geus teu inget deui kana heurap bobo, tuluy bae ngarungkup, barang rup lurah tuluy senggak, pokna, "Itu diah, maen! maen!"
Tuluy dipulut bari heurapna dipurilkeun, barang lauk gede geus katembong, lauk gugurinjalan, heurapna bedah, laukna leupas deui, ger surak rame.
Lurah sajongjongan ngahuleng henteu daekeun ngomong, barang geus rada paler, tuluy ngarungkup deui, tapi luput teu beubeunangan, tina heurapna bodol.
Batur-baturna ayeuh-ayeuhan susurakan mareunang lauk.
Tina henteu beubeunangan, Lurah meubeutkeun heurapna tuluy balik.
Ceuk Amsari, "Euy, batur-batur! tuh juragan Lurah mulih, da heurapna bodol".
Wangsul tua kampung, "Atuh meureun bae ditawaran ti kamari heurap nu weuteuh nu alus da teu daekeun, da hayang heurap pangalusna, ahir-ahir meunang heurap bobo tur bengsal".
Nu kitu sok disebut pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu pecak teh.
78. PAGIRANG-GIRANG TAMPIAN
Hartina : paunggul-unggul.
Wikara pasea jeung Uas, alatan sok heureuy, lila-lila malik katemen, ceuk Wikara, "Uas, sia montong ngunghak ka aing, mun sia teu nyaho aing turunan menak, aki aing mah baheula jadi Wadana di Rancah".
Uas, "Paduli teuing turunan Wadana, bapa aing oge turunan Patih, malah ti indung mah turunan Dalem".
Wikara, "Wah masih turunan Patih oge, moal enya gagah