Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

cara bapa aing; geura ku sia tanyakeun ka emang Tawi, barandal bae mah dilawan ku sorangan".

 Uas, "Komo aki aing mah, dihurup ku jelema sawidak teu eleh".

 Keur waktu patorong-torong, datang Bapa Umi, tua-tua, ceuk Bapa Umi, "Meugeus barudak meugeus, montong pagirang-girang tampian, kabeh ge taya nu punjul".

79. PINDAH CAI, PINDAH TAMPIAN

 Hartina: pindah tempat, pindah adat.

 Irkab urang Cieurih, pagaweanana kana maranggi, selang-selang pagawean, sok resep moro babi jeung lintar.

Lila-lila manehna pindah ka Ciasem.

 Baraug geus jadi urang Ciasem, manehna kaku pisan, selang-selang tina gawe teu aya kasukaanana, sabab urang dinya tara raresep moro jeung lintar, demi karesepna. tani, jeung guyub satiap mentas salat magrib sok tuluy nga raji kitab, subuh-subuh geus harudang, sabada solat subuh, masing-masing kana pagaweanana.

 Irkab kapaksa kudu make adat di dinya, lamun mentas digawe, tuluy salat ka masjid, bareng jeung batur-baturna, sarta daek tani cara urang dinya, subuh-subuh sok. geuwat hudang, sanggeus salat tuluy ka kebonna atawa migawe pagaweanana, ari keur di Cieurih mah Irkab tara daek salat, tara hudang isuk-isuk jeung teu daekeun ngebon, barang geus ka Ciasem jadi rapekan pisan.

 Omong pamajikanana, "Tah akang kuring panuju kana lampah akang sakitu getolna sagala daek, geuning keur waktu di Cieurih mah euweuh pisan ka daek, selang-selang tina gawe anggur donganjingan".

 Irkab seuri bari ngomong, pokna, "Hih pamajikan, atuh puguh bae getol mah, kapan pindah cai, pindah tam-

66