Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pian".

80. PIRURUHAN DI-KATENGAH IMAHKEUN

Hartina: turunan cacah tur dusun dikamedankeun atawa nu hina jadi mulya, sanggeus mulya adatna jadi ningkah loba lelewa, anu disebut ku jelema-jelema saperti paribasa ieu

Si Saijah urang sisi, dusun pisan tacan nyaho di adat, ana make samping seret tuur, bajuna pungsat, gelungna oge gelung jucung.

Lila-lila manehna pundung ti indung bapana, minggat tuluy ka dayeuh, di dayeuh utrak-atrok da teu boga baraya, tungtungna sup jadi tukang nutu di juragan Camat, tina getol jeung saregep kana piwarangan, tuluy dipercaya sina ngurus di jero bumi.

Ayeuna geus nyaho adat saeutik-eutikeun, makena kumaha biasa urang dayeuh.

Barang geus sataun lilana, juragan Camat Istri ajal, tina juragan Camat embung hese deui nyiar pipamajikaneun, ayeuna si Saijah ditikah.

Si Saijah bungah kacida, rasana geus jadi juragan, papakean loba, parentaheun loba.

Hiji mangsa manehna ka pasar, tuluy nyalukan bojo Lurah, bojo Jurutulis kudu ngiring ka pasar; harita keneh daratang da disaur ku juragan, sarta tuluy ka palasar, sajalan-jalan si Saijah henteu petot nilik maneh, leumpangna diatur, meueus-meueus reret kana selop, sakeudeung-keudeung ngaragap sueng da bisi ragrag, tanjak-tunjuk nitah nawar ka nyi Jurutulis jeung ka nyi Lurah.

Barang geus baralik ti pasar, nyi Jurutulis ngomong ka salakina, pokna, "Lah akang, aya matak era ku juragan anyar, teu euweuheun jelema kampung ditikah ku menak, bet teu ningkah kitu, ieu mah bentik curuk balas nunjuk bae jeung kumaki, ieu aing, bejana ka juragan Camat oge ngalawan.

67