Salaki, "Da nya kitu atuh, bongan juragan pameget, piruruhan di-katengah imahkeun".
81. PANDAY TARA BOGA BEDOG
Hartina: tukangna nyieun teu bogaeun.
Udig jadi tukang iteuk, mashur pisan alus buatanana.
Hiji poe datang Baip ka imahna, pokna, "Aya Udig?"
Wangsulna, "Aya saha eta?"
Baip, "AKang, cing nginjeum iteuk rek nyaba, montong nu alus, iteuk pake bae".
Udig, "Lah kang, luput sumawonna iteuk pake, teu boga dagangan-dagangan acan, kapan akang ge nyaho panday mah tara boga bedog", bari seuri.
Atawa :
Inja urang Rajapolah, nyaba ka Garut, ngajugjug sobatna ngaran Marhayim, tukang melak jeruk; barang datang, kasampak Marhayim keur milang duit tina cengcelengan ladang jerukna.
Carek Inja, "Edas! akang mah loba duitna".
Marhayim, "Aya berkah ladang jeruk".
Inja, "Cing kuring menta dua siki mah".
Marhayim, "Hih lapur pisan, euweuh sasiki-siki acan, geura teang ku anjeun ka kebon, puguh mangkukna geus dibajongkeun ka tangkulak".
Ijan seuri, pokna, "Adatna, panday mah tara boga bedog".
82. PUR KUNTUL KARI TUNGGUL, LAR
GAGAK KARI TUNGGAK, TUNGGAK
KACUATAN DAGING
68