Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Hartina: boroh nu katempuhan.

Pasosore Nyi Urmi datang ka sobatna, nu ngaran Nyi Jumi, pokna, "Jumi, cing kami tulung pangnyokotkeun samping Solo, di ditu aya nu rek meuli, jelema kaya pisan, sugan bae aya untungna, mangke maneh dibere".

Jumi, "Hade, sabaraha potong?"

Umi, "Opat potong bae ngan kudu nu aralus, kira harga dua puluh perak sapotongna".

Jumi, "Hade, isuk bae ka dieu deui".

Isuk-isuk Nyi Jumi ngajurungan anakna ngala Pa Nari, tukang barang, ari geus datang ceuk Nyi Jumi, "Paman, kula menta barang opat potong, sabab aya nu rek meuli, duitna jangji lima poe".

Pa Nari, "Hade tah opat potong, dina 1 potong harga Rp.20,—, di mana geus lima poe emang nyokot duitna ka dieu, lamun euweuh duitna, nyokot deui barangna", tuluy Pa Nari balik.

Teu sabaraha lilana jol Nyi Urmi datang, atoheun pisan sabab nyampak barang.

Ku sabab kamari geus badami, henteu panjang carita, tuluy barang dibawa ku Nyi Umi, pokna, "Jumi, atuh rek balik, ieu barang dibawa".

Jumi, "Hade, pageto atawa pageto amat bawa duitna".

Sanggeus meunang lima poe, Nyi Urmi euweuh keneh bae, barang ditanyakeun ka imahna geus euweuh kabur, ari balik di imahna nyampak Pa Nari, manehna jol goak bae ceurik bari ngomong, pokna, pokna, "Aduh emang cilaka barang teh dibawa kabur ku si Urmi, meuntas laut".

Ceuk Pa Nari, "Hih emang mah teu nyaho di ieu-ieu, da nyerenkeun barang ka anjeun, ari cara emang mah purkuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuatan daging”.

69