83. PAANTEUR-ANTEUR JULANG
Hartina: mindeng sili anteur, A nganteur ka B, geus kitu B nganteur deui ka A 2 -3 kali.
Pabuburit Nyi Eweng diajak ka imah Nyi Perak, pokna, "Eweng, cing kuring anteur ka imah jeung ieu mah tara nganjang-nganjang".
Wangsulna, "Ah alim da geus burit, sieun sareng poek bulan".
Nyi Perak, "Wah tanggal sapuluh poek, meureun pukul 2 surupna oge, kajeun mangke dianteurkeun deui ku kuring, geus kitu kuring anteurkeun deui".
Omong Nyi Eweng, "Wah moal bae paanteur-anteur julang".
84. RUMBAK CARINGIN DI BURUAN - GEUS TEU BOGA KOLOT SALUHUREUN
Hartina:geus euweuh nu ngingetan.
Agus Ambar geus teu boga indung bapa, ngan kari uana di lembur Ciateul, unggal-unggal minggu lamun teu uana nyaba ka Agus Ambar, nya Agus jeung anak bojona nyaba ka Ciateul kikiriman sarta upama geus patepung uana sok ngingetan ka Agus, naon bae nu sakira matak cilaka.
Dina hiji poe Agus diala ku uana, sabab gering kacida, ari datang ka Ciateul, uana geus taya taksiran menyat deui, malah sorena ajal, Agus ceurik tina geus teu boga kolot, satadina uana dijieun gaganti indung bapa tea, ayeuna mah lapur pisan.
Ti sore Agus nginghak bae, tina ngenes mikiran diri teu boga baraya saluhureun.
Sabot Agus ceurik, datang lebe di dinya pokna, "Meugeus ujang ulah diceungceurikan teuing, ari anu sah di dunya, teu hade".