Wangsulna, "Mang, kumaha teu rek ngenes da dina waktu ieu kuring teh rumbak caringin di buruan hartina beak, euweuh deui kolot saluhureun nu bakal ngingetan”.
85. RUP KU PADUNG, RAP KU LEMAH,
KATURUBAN TANEUH BEUREUM
Malah sok dituluykeun: Rup ku padung, rap ku lemah, katuruban taneuh beureum moal poho.
Hartina: diingetkeun saumur hirup (satungtung hirup mah moal poho).
Kira pukul 7 peuting, Siin nganjang ka Ebo, barang datang tuluy diaku, disuguhan udud jeung cikopi, sabot ngaropi ngawaradul ngomongkeun hal karamean pesta, sanggeus meunang sajam nganjangna tuluy amitan balik.
Isuk-isuk Ebo gehger leungiteun pending perak, geuwat manehna nyampeurkeun ka imah Siin, di dinya nyampak keur loba jelema, pokna, ”Siin ka dieukeun pending dewek”.
Siin olohok, pokna, ”Pending!”
Ebo, ”Heueuh nu dibawa ku silaing”’.
Siin, ”Iraha”
Ebo, ”Sore basa nganjang tea”.
Siin, ”Nyao, da dewek mah teu nyaho, lamun sarupa kitu silaing nuding maling”.
Ebo, ”Heueuh, moal ku saha da euweuh deui nu nganjang yeuna mah dewek rek tuluy bae ka Lurah, ngalaporkeun silaing”.
Tina Siin henteu boga dosa sarta era ku nu aya didinya, nyurucud cipanonna, tuluy ngomong, pokna, ”Naha Ebo matak nyeri teuing, rup ku padung, rap ku lemah, katuruban taneuh beureum, moal datang ka poho dikanyerian hate.”