Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ari kana kahadean mah kudu dunya aherat.

Atawa:

Nyi Erot mindeng pisan meunang pitulung ti Nyi Umsi, sakali, basa Nyi Erot rek titileuem, lamun teu ditulungan ku Nyi Umsi tangtu cilaka, kadua kalina basa rek diteunggar munding ngamuk, lamun teu geuwat dibedol ku Nyi Umsi ka jero imah tangtu cilaka, katilu kalina basa gering keur waktu ka pasar, manehna teu bisa leumpang, digandong ku Nyi Umsi, jeung basa indung Nyi Erot maot, diuruskeun waragadna.

Hiji mangsa Nyi Umsi meupeuskeun cangkir Nyi Erot, Nyi Erot kacida ngambekna ka Umsi, sarta Nyi Umsi kudu ngagantian.

Ceuk Nyi Umsi, "Naha Erot maneh teu boga teuing rumasa, geus! ngan sarerek ayeuna bae aing nyaah teh sarta kanyeri aing moal poho-poho r u p k u p a d u n g, r a p k u l e m a h, k a t u r u b a n t a n e u h b e r e u m oge moal poho".

86. RAMBAT KAMALE

Hartina: nu boga perkara ayang-ayangan.

Asisor mariksa ka Dasim, saurna, "Dasim, enya sia mupu pisitan Lurah pareman?"

Dasim, "Sumuhun tarima, nanging sanes karep kuring, dititah ku pun Ijan, malah pun Ijan oge dititah deui ku si Amil sareng ku si Sarjo".

Asisor, "Eta nu kabuktian naek saha, bareng jeung batur sia?"

Dasim, "Henteu ngan kuring bae".

Asisor, "Waktu sia dititah ku si Ijan aya saksina?"

Dasim, "Sumuhun teu aya!"

Asisor, "Atuh sia montong r a m b a t k a m a l e, da moal diaraku, nya sia bae nu goreng teh".

72