Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

87.RUSUH LUPUT (GANCANG PINCANG)
KAJEUN KENDOR, DAPON NGAGEMBOL

Hartina: pagawean buru-buru tapi teu hasil.

Si Siwar dititah nagih ku bapana ka bapa Sakem, nu jauhna kira lalakon ½ poe, inditna ti imahna pukul satengah genep isuk-isuk, datangna ka imah Bapa Sakem meh pukul dua welas, tapi teu nyampak, sabab bapa Sakem keur nyaba, ceuk pamajikanana pidatangeunana poe isuk; malah aya talatahna, lamun datang titahan Bapa Siwar sina nunggu bae.

Ku sabab pikiranana si Siwar hayang buru-buru balik sarta sieun poekeun di jalan, kitu deui pikiranana sieun teu datang, harita keneh oge balik.

Barang datang ka bapana, tuluy dicaritakeun sakumaha pikiranna tadi.

Carek bapanu, ’’Ari sia, naha matak naon nunggu nepi ka poe isuk, najan buru-buru balik oge cumah ari teu hasil, sia mah gancang pincang”.

87/b. KENDOR NGAGEMBOL

Hartina : lila-lila oge hasil.

Irtab dititah ku indungna ka Tomo, nyiar buah cengkir sarta dijangjian ulah datang ka luput jeung masing gancang.

Isukna bral indit, barang datang ka Tomo, bubuahan tacan meujeuhna diala, kira saminggu deui.

Tina sabab dijangjian ku indungna ulah datang ka luput, manehna tunggu datang ka saminggu, sanggeus meunang tuluy balik.

73