Ceuk indungna, “Irtab, naha sia dititah teh lila-lila teuing, wani datang ka saminggu?”’
Wangsul Irtab, “Hih ma! gancang ge ari pincang, kajeun kendor dapon ngagembol.
Jadi, "Rusuh luput, gancang pincang, kajeun kendor, dapon ngagembol.
Hartina : jelema nu boga kalakuan sanajan gancang ari gaplah, leuwih hade kendor tapi hasil.
Aswin huruhah-harehoh datang ka bapana, pokna, "Bapa! kuring menta duit salawe rupia”.
Ceuk bapana, "Keur naon?”
Aswin, "Keur meuli kareta mesin anu ujang Yoyo, ari asalna mah dibeulina saratus lima puluh, tapi ayeuna poe ieu butuheunana, kajeun mangkena mah urang jual deui bae”.
Bapa, "Hih ulah rusuh, kudu pikir heula, kajeun kendor tapi hasil, kudu papay heula, eta kareta ti saha meulina, jeung geus terang ti bapana, geura kumaha lamun kareta beunang maling, atawa teu kitu ge salingkuh ti bapana, upama ayeuna gebro diduitan, mangke sore aya nu nyusul ka dieu, lain gaplah eta jual beuli".
Aswin, ”Wah sageuy pa, atuh mangkena mah tangtu urang untung, da rek dijual deui ku kuring”.
Bapa, "Nahan rek jual beuli, samemeh dibeuli kudu dijual heula, hartina kudu ditaksir jeung kudu dimusawarahkeun heula, jeu barang sakieu rupana, sabaraha urang kira-kira wani, lamun ceuk batur-batur wani saanu sarta ngungkulan kana harga tadi, atawa nikel kakara dibeuli, naha maneh tacan ngadenge paribasa "rusuh luput gancang pincang, kajeun kendor dapon ngagembol”, kaharti?”
88. SAPI ANUT KA BANTENG
Hartina : awewe nuturkeun lalaki.