Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

aing geus moal bae kana hade deui teh”.

Nini, "Wah aki, rasa kami mah moal, ayeuna layeut runtut soteh anyaran, geura engke mah saherang-herang Cibeas”.

90. CARA HURANG TAI KANA HULU-HULU ( CARA SIMEUT HIRIS TAI KANA BEUHEUNG-BEUHEUNG)

Hartina : nuduheun jelema bodo pisan.

Mas Nulan geus kongas tukang macikeuh, hiji mangsa datang ka bapa Gareng, nginjeum pendok emas gadekeuneun, pokna, ”Kaka, cing kaula tulung barang gadekeuneun, eta bae pendok emas kaka, mangke bulan hareup ku kaula ditebus deui”.

Carek bapa Gareng, ”Ka saha ngagadekeunana?”

Jawabna, ”Ka dinya bae ka Haji Arham, duit Rp.50,— mah gampang, mangke ku kaula dibere eneng”.

Bapa Gareng, ”Hade top eta pendokna”.

Ceuk Mas Nulan, ”Cig bae ku kaka sorangan gadekeun, ambeh percayaeun, bisi nanyakeun mah nu boga duit, kaka bae rek ngaduitan lembur kitu”.

Bapa Gareng nurut, tuluy indit ka Haji Arham, teu sabaraha lilana duit geus meunang sarta tuluy diserenkeun ka Mas Nulan.

Mas Nulan geuwat balik bari ngomong, pokna, “Isuk enengna dianteurkeun”.

Isukna diarep-arep bet henteu aya bae, nepi ka dua tilu poe, ka opat poena jol datang deui Mas Nulan, pokna, ”Lah kaka eneng teh katut indungna ka barudak dijual Rp.20,—, ari ayeuna ka dieu menta duit bae Rp.20,— urang cokot, da lebar ari ka batur mah”.

Geuwat ku bapa Gareng dibere Rp.20,—, bari ngomong, ”Mundingna mangke anteurkeun ka dieu”.

Nulan, ”Sae”,

76