Sanggeus kitu Mas Nulan tuluy balik, api-api nu enya, tapi diarep-arep henteu aya deui bae, isukna diteang ka imahna, barang datang, imahna geus dieusian ku nu sejen, sabab mangkukna geus dijual, ari Mas Nulan teu nyao ka mana, ngan bejana bae rek ka jauhna”.
Bapa Gareng ceurik, bari balik ka imahna bebeja ka pamajikanana.
Ceuk bojona, "Hih atuh da bongan maneh, nyaho jelema geus kasohor tukang macikeuh, hayoh dipanggadekeun pendok, ari turug-turug jelema rek kabur sok deui Rp.20,- cara hurang bae tai ka hulu-hulu”.
91. TIKORO KOTOKEUN, CAREHAM HAYAMEUN
Hartina : jelema garogoteun, lamun kana papakean keur dikaput keneh, wani hayang geura anggeus bae da hayang geura make, lamun kana bubuahan tacan asak oge, hayang geura ngala bae da hayang nyaho rasana jeung rea-rea deui.
Si Jani dipangmeulikeun tariko ku bapana, tuluy dikengkenkeun ka tukang ngaput, barang geus jangji pasini tuluy balik.
Ari datang ka imahna ditanya ku bapana, pokna, "Jani! enggeus ka tukang ngaput teh?”
Wangsulna, ”Enggeus pa”.
Bapa,”Iraha anggeusna?”
Jani, "Kudu opat poe da loba kaputeun”.
Bapa, ”Sabaraha buruhna?”
Jani, ”Kudu saringgit”.
Bapa, ”Keun bae ayeuna mah geura pek ngapalkeun ka dinya”.
Tuluy Jani ngapalkeun, tapi teu jongjon da inget bae kana baju tariko hayang geura make, jadi ngapalkeunana henteu