Lila, tuluy ulin ka tukang ngaput nenjokeun nu ngaragut, malah ulak ilik bae naha bajuna tacan dikaput.
Ceuk tukang ngaput, "Naha maneh Jani ulak-ilik bae ngilikan naon?"
Jani, "Eta ngilikan pibajuieun kuring, naha acan dikaput".
Tukang ngaput, "Acang! keun isuk ngamimitian da ayeuna mah ngaentakeun ieu heula kengekan nu kudu anggeus engke".
Jani tuluy balik.
Ari isukna indit ka sakola, tapi pikirna geus aya di tukang ngaput bae, hayang nenjo ngabedahanana jeung hayang geura make.
Sakolana ngan nepi ka pukul 10, tuluy indit sarta talatah ka baturna, bisi guru mariksakeun, pangunjukeun gering bae.
Barang datang ka tukang ngaput, tuluy nanyakeun, pokna, "Kumaha baju kuring geus anggeus?"
Tukang ngaput, "Tacan, kakara awakna bae keun da jangji oge opat poe".
Barang bapa Jani nyaho, yen sakolana ngan nepi ka pukul 10, tuluy dicalukan, pokna, "Naha sia sakola ngan nepi ka pukul 10, ka mana?"
Wangsulna, "Ka tukang ngaput neang baju da hayang geura make".
Bapa, "Naha aya bodo teuing, kapan ceuk sia kudu opat poe, masih diteang sapoe sapuluh kali oge, moal hasil, mending sakola, ieu mah tikoro kotokeun careham hayameun naker".
92. TIKORO ANDON PESO
Hartina: nu tangtu bakal cilaka disampeurkeun.
Baca dina buku pienteungeun No. 58 kaca 44.