Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Atawa Abdurrahim keur waktu indit ti Bagdad ka Mesir, rek masrahkeun dirina indit menta digantung, eta paribasa tikoro andon peso.

93. CARA KUDA LEUPAS TI GEDOGAN

Hartina: nu ngabencah sakama-kama.

Ujang Apen dipikanyaah pisan ku bapana, unggal-unggal poe tara meunang nyaba sakama-kama, ti beurang dititah sakola, ti peuting disina ngaji.

Barang Ujang geus bujang lepas, karepna tara keneh jujur, dihantem diwurukan, ceuk bapana, "Ujang, kudu nurut kana papatah kolot, ingetkeun wuruk guru, karana jelama teh babakuna kudu aya tilu perkara, hiji bageur, dua cageur, katilu bener, eta tiluanana kudu kacekel, najan bageur ari teu cageur cumah, cageur ari teu bener cumah keneh".

Ujang sabot aya keneh bapana, jigana mah rek nurut, tapi barang bapana geus maot, tuluy bae ngabencah, royal lacur jeung ngadu.

Nyi Timot ngomong ka indungna, pokna, "Ema! naha ayeuna mah Ujang Apen jadi bangor?"

Jawab indungna, "Kapan eta bapana geus maot, bareto boga kasieun, ayeuna mah sakarep-karep bae cara kuda leupas ti gedogan".

94. TUANG JINIS

Hartina: jelama nu sok seuri ku caritana atawa dongengna sorangan ari batur mah euweuh nu seuri.

Sarim datang ka sobat-sobatna nu keur ngariung bari akey-akeyan seuri, pokna, "Dewek boga dongeng rame teh, geura dengekeun".

79