Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tuluy nyarita, sabot nyarita manehna pipingkelan seuri cipanonna rambisak, nyeungseurikeun pokna, tapi baturna mah euweuh hiji nu seuri. Ceuk hiji sobat, "Aeh! aeh! ulah kitu euy, ari dongeng mah atawa carita nu rame, lumbrahna diseungseurikeun teh, ku batur, lamun diseungseurikeun ku nu nyarita, ngarana tuang jinis”.

95. TIPEUTING KAPALINGAN, TIBEURANG KASAYABAN

Hartina: nu karoroncodan, leuwih ti sakali nu meh sarua jeung katurug katutuh.

Jiman nganjukeun sawah ka Tayim Rp.100,-, tempo tilu bulan, barang geus tilu bulan, Tayim henteu bisa mayar, demi sawahna lapur geus dijual deui ka nu sejen.

Ku sabab Tayim hayang ngalunasan hutangna, tuluy ngomong ka Jiman, pokna, "Jiman, da kaula geus cilaka sawah geus dijual deui, duitna beak, ari ayeuna kaula teu puguh gawe, cing atuh modalan bae Rp.50,- rek dagang barang, mangke tina kauntungan kaula bisa nungtut mayar hutang nu Rp.100,-" tea.

Ceuk Jiman, "Hade tapi ulah bohong, dina saminggu sakali kudu mayar sakumaha bae", tuluy Tayim dibere Rp.50,- sarta Tayim geuwat meuli barang.

Sanggeus dua tilu minggu Tayim tacan keneh bae mayar jeung teu balik-balik acan ka imahna, bejana bae tuluy ngencrud, ari disidikeun, tetela malah imahna geus dijual.

Jiman tuluy balik, di imahna nyampak alona tamada pedah teu bisa mayar da dagangna potol, malah ayeuna sumeja masrahkeun badan, tina teu bisa mayar.

Ceuk Jiman, "Hih, teu ku hanteu naker aing mah tipeuting kapalingen, dan tibeurang kasayaban".

80