Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

96. CAINA HERANG, LAUKNA BEUNANG

Hartina: hasil maksud (mulus karepna teu katara) petana cara Kangjeng Gupernemen ngereh tanah India teh ku dilobaan sakola.

Atawa:

Saperti Kangjeng Gupernemen geus ngaliarkeun kuda pamacek jeung bikangna atawa sapi, sing saha nu hayang boga bibit atawa pamacek, meunang nganjuk sarta dibayar di jero saanu bulan.

Ambu Saman geus teu boga salaki, ngan aya anakna awewe, kira umur 7 taun.

Ambu Saman nyaahkeun pisan ka eta budak, malah hayang ngasupkeun ka sakola, samemehna, manehna mikir heula, kieu pamikirna, "Lamun aing ngasupkeun ieu budak, kudu mayar sakurang-kurangna 25 sen, tapi kumaha lamun ieu budak henteu daekeun asup, dideakeunana oge kumaha mun melenceng; ayeuna kumaha akalna supaya daekeun sakola jeung ulah melenceng, jeung kumaha dina usum mayar sakola, lamun aing teu boga duit?"

Ti dinya datang akalna kieu, Ambu Saman meuli bako sa lempeng, tuluy meuli daun kawung, unggal-unggal sore manehna ngajar nyieun roko ka anakna, isuk-isuk ku manehna dipihapekeun ka tukang sirop, supaya dijual, sarta tukang sirop meunang 10%.

Barang anakna geus bisa pisan nyieun roko, leuwih ti 100 sen dina sabulan kauntunganana, tuluy ditanya, pokna, "Nyai, kumaha daek sakola? Lamun daek engke ku ema diburuhan dina saisuk 2 sen".

Budak teh jol haripeut bae, sabab bakal boga kauntungan dina sapoe 2 sen. Gancangna tuluy diabuskeun ka sakola, sorena disina nyieun roko jualeun, isuk-isuk ka sakola, budak teh resepeun pisan sabab unggal-unggal isuk barang hakan di sakola.

Barang geus meunang sabulan sakolana, indungna ngomong, pokna, "Nyai, eta duit nu 2 sen kudu dicengelekengkeun sapoe sa sen, jajan sa sen, mangke ari tutup bulan, urang buka tuluy beulikeun kana baju".

81