sa sen, jajan sa sen, mangke ari tutup bulan, urang buka tuluy beulikeun kana baju".
Anakna nurut.
Jadi ayeuna Ambu Saman hasil maksud, nya eta anakna ka sakola getol, gawena beunang, jadi teu nyusahkeun.
Caina herang, laukna beunang.
97. CARA CAI DINA DAUN BOLANG
Hartina: nu dipapatahan tara aya tapakna (teu nagugu).
Si Carik unggal-unggal peuting sok dipapatahan bae ku bibina, pokna, "Carik, lamun maneh neut hudang, kudu ngeusian gentong, nyiram cangkak-cangkok, dek ka sakola kudu dangdan sing hade, papakean kudu beresih, da aya, ti peuting kudu daek ngalakeun atawa digawe.
Tapi si Carik tara nagugu, ana hudang isuk-isuk sok kabeurangan nya sok rajen hudangna pukul genep, jeung sok make papakean kotor, balikna ti sakola geus elat, sabab disetrap ku guruna, ti peuting sok lalajo, ana datang geus peuting.
Tina si Carik di sakolana bangor jeung tara nurut parentah guru, sarta nyontoan goreng ka batur-baturna tuluy dilepas.
Barang bibina nyahoen yen si Carik dilepas, tuluy dicarekan, pokna, "Tah budak tara daek nagugu kana parentah kolot, nya kitu ayeuna karasa ku sia, da ari dipapatahan teh cara cai ninggang daun bolang bae, euweuh tapakna".
98. TUNGGU TUTUNG
Hartina: nu ngajaga atawa nu tunggu kapalingan ku lantaran lalawora.
Ceuk Ambu Jusi, "Jusi! Jusi! ka dieu ieu tungguan pare!"