Wangsulna, "Mangga".
Tuluy si Jusi nungguan poe pare, di buruan, teu lila rabul hayam nyaratuan pare, tapi ku si Jusi diantep bae henteu digebahkeun, anggur jongjon ole-olean".
Geus kitu jol indungna datang, pokna, "Jusi, naha eta hayam diantep bae, sia mah t u n g g u t u t u n g".
99. TINGGAR KALONGEUN
Hartina: tina mindeng teuing dicarekan atawa dilarang, tungtungna teu sieuneun.
Unga-unggal poe si Kadir sok diteungeulan bae ku indungna, sabab tara indit ka sakola, hiji mangsa keur indungna neungeulan anakna bari dicangcang kana tihang imah, datang nini Kadir, pokna, "Aeh! aeh! naha maneh kitu peta ka anak teh, dideleukeunana teh unggal-unggal poe ngan neungeulan bae budak?"
Jawab Ambu Kadir, "Keun bae modar oge, da budak tara daek ka sakola".
Nini, "Heueuh, ari kolot pinter mah ulah kitu ngawarah budak teh, geura tungtungna t i n g g a r k a l o n g e u n".
100. WATANG SINAMBUNGAN
Hartina: nu pasea saperti A jeung B ana dilawan ku C; atawa nu boga perkara batur, ana cekcok jeung maneh.
Si Ajal sobatna Duyeh, dina hiji poe Ajal nyaba ka tegal rek ngala taneuh porang, barang datang kana tempat taneuh, nyampak di dinya aya si Warta keur ngala taneuh.
Ceuk Ajal, "Warta, aing pangalakeun sing rea".
Warta, "Ah teu sudi teuing, sia oge geuning mangkukna dititah teu daek".