Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan II.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ajal, "Haling atuh sia geura nyingkah, aing rek ngala".

Warta, "Atuh bareng bae ka dinya, jeung montong popolo-tot".

Ajal, "Paduli popolotot oge, ngedul".

Warta, "Sia oge mangkukna kedul, dugul".

Tuluy Warta indit mawa taneuh porang, bari gegelendeng.

Sanggeus Ajal balik tuluy bebeja ka Duyeh, yen manehna pasea jeung Warta, ceuk Duyeh, "Di mana ayeuna si Warta?"

Ajal, "Meureun di imahna".

Harita keneh Duyeh indit sorangan ka imah Warta, barang datang, Warta tuluy dicarekan, pokna, "Warta sia montong nyebut dugul ka Ajal, wani mah ka aing bae".

Ceuk Warta, "Aing moal gelut jeung sia, da aing mah pasea jeung Ajal. Si Ajal bae datangkeun ka aing, sok di mana kahayangna".

Duyeh, "Cumah deuleu Ajal mah moal kuat ka sia, aing nu pikuatkeun teh".

Sabot parea-rea omong, datang bapa-na si Duyeh, tuluy leungeunna dicekel, pokna, "Meugeus sia geura mantog teu puguh-puguh, ieu mah watang sinambungan nu pasea batur hayoh dilawan ku maneh".

84