Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Wangsulna, ”Sumuhun parantos.”

Kanduruan, ”Nya taya kumaha, ari geus kitu mah, ngan dewek bae asa potong leungeun katuhu, euweuh bapa ilaing teh.”

3. AYA PEURAH

Hartina: aya pangajen (aya kamatihan).

Raden Nari, putrana Rd. Jaya, Wadana pangsiun, matuhna di Ciawi. Dina hiji poe Rd. Nari disaur ku ramana, saurna, ”Ujang, ieu duit Rp 100, bawa ku maneh ka Citali, bikeun ka pimitohaeun maneh keur balanja kawin tea, kitu, jeung bejakeun mama jeung ibu teu bisa datang, sabab keur rea gawe.”

Raden Nari, ”Mugi henteu jadi bendu, mama sareng ibu, kedah kersa jengkar ku anjeun, margi saperkawis ambeh ngeunaheun hatena, kalihna sadaya oge urang dinya geus pada terang ka ama, katilu lamun jisim kuring sorangan, tangtu moal aya peurah.”

Atawa.

Saur garwa Juragan Wadana ka carogena, ”Engkang itu Lurah teh kedah ku engkang ditimbalanana, ambeh narurut, kuring mah teu aya peurah.”


4. AKU PUNGGUNG
punggung = luhur adat.

Hartina: Akuan, mere maweh, tapi adatna luhur, ieu aing menak, beunghar, atawa pinter.

Nyimas Ancen nganjang ka Nyi Duri, barang datang, tuluy disodoran samak jeung wadah seupaheun.

Ceuk Nyi Duri, ”Nyimas, ieu kana amparan calik teh, sareng mangga ngalemar.”

Wangsulna, ”Naha alus seureuhna?” Duri, ”Awon, eta ge ti

8