dinya ti Ibu Enden; naha Nyimas tara angkat? Geura mangga urang ameng ka ditu, aya akuan sareng serewel ka tatamu teh.”
Nyimas, ”Ah, embung kami mah ka ditu deui kapok, bener akuan sarta serewel, daek barang bere, tapi geura ka unggal nu nganjang, omonganana teh ieu aing beunghar, ieu aing menak atawa pinter bae; kami mah teu resep, cumah jelemana aku punggung.”
5. BALEG TAMPELE
Hartina: ditukangeun wani, ari dihareupeun sok era.
Nyi Sanijem umurna meh 14 taun, unggal isuk tara pisan kabeurangan, lamun geus nyaring, tuluy mandi, pek nyisiran diminyak sarta make papakean nu beresih.
Sanggeus beres, pek digawe, nyieunan roko ditepasna, jeung pikirna sok hayangeun bae papanggih jeung Ki Asdi; tapi lamun pareng papanggih jeung Ki Asdi, manehna sok eraeun atawa geuwat nyalindung ka nu buni.
Demi omong bapana, ”Sanijem, maneh ayeuna geus meujeuhna boga salaki, ku bapa rek dikawinkeun bae ka Ki Asdi.”
Nyi Sanijem kacida eraeunana, tuluy tungkul bari ceurik, malah ayeuna mah ngewaeun ka Ki Asdi, harita keneh Nyi Sanijem ngenta pindah hayang cicing di bibina nu jauh ti dinya.
Carek indungna ka bapana, ”Bapa Nyai, eta atuh anjeun mah sok saomong-omongna, kapan nyaho budak teu kaopan, najan wani oge ka lalaki, atuh da kakara baleg tampele.”
6. BALIK NGARAN
Hartina: paeh.
Ceuk Uni, ”Misah, kumaha adi maneh geus balik ti Delina?”
Misah, ”Kapan geus maot di ditu, ka dieu mah ngan balik