ngaran bae.”
Atawa.
Carek Si Wasdi, ”Imbrun, naha sia sakitu dinyenyeri ku Si Jaka, nepi ka cicing bae, da salebah aing, ti nimbang jeung dinyenyeri diwiwirang kitu mah, suka balik ngaran bae.”
7. BENTANGNA
Hartina: panghadena.
Dina poe Salasa aki Nursi jeung nini Nursi, paronyo daharna, sabab mentas digawe, nya eta mentas ngali koneng ti kebonna.
Nini beuki nanakeran kana koneng, dicoelkeun kana sambel oncom.
Aki kaget kacida nenjo Nini sakitu beukina kana koneng, atuh nini ngan dipencrong bae.
Ceuk Nini, ”Aki, naha ari maneh bet ngan mencrong bae, kawas nu kakara panggih.”
Aki, ”Eta aing mah heran ku maneh, ditenjo-tenjona beuki kolot teh beuki koneng.”
Nini ngeunah atina, marukanana atawa rasana beuki koneng teh beuki tegep. Nini imut bari ngadilak omongna, “Ti baheula oge bentangna, bentangna.
Atawa.
Kuda Juragan Patih rea kacida nu aralus, nyaeta: Si Pakurit, Si Nula, Si Paser, Si Meglan, Si Arimbi jeung sajaba ti dinya.
Tina eta kuda-kuda tea bentangna mah ngan Si Meglan.
8. BENTIK CURUK BALAS NUNJUK
Hartina: ngan paparentah bae, teu daek migawe sorangan.
Siin, Amen, jeung Wana jaradi bujang di tuan Doktor.