Dina hiji poe eta tilu jelema, diparentah ku dununganana ngabersihan kebon, nya eta jukut-jukutna dikored, susukanana dijeroan, runtah-runtahna disapuan jeung ngagemuk-ngagemuk nu geus teu pati leubeut buahna.
Amen jeung Wana garetol pisan digawena, tapi ari Siin mah melid, teu ari balas ngiuhan dina handapeun tangkal kai nu iuh, bari tanjak-tunjuk menerkeun pagawean baturna, ari manehna mah cicing bae handapeun kai tea.
Amen jeung Wana teu ngeunaheun atina, tina nenjo Siin ngan paparentah bae, tuluy Wana ngomong, pokna, ”Siin, naha ari maneh ngan paparentah bae, kapan sarua bujang; ari benerna mah lain kitu, pada bae digawe, montong bentik curuk balas nunjuk.”
Siin cicing henteu nembal.
9. BISI KADENGE KU CAKCAK
Hartina: bisi kadenge ku nu goreng biwir.
Juragan Wadana wahel hiji sore gehger, sabab eunteung gede nu aya dina emper payun, peupeus, aya nu maledog.
Si Asmad nu keur babaledogan, batuna milepas ka bumi Juragan Wadana, keuna kana eunteung gede tea.
Kabeneran euweuh nu nganyahoankeun, geuwat lumpat bebeja ka indungna, pokna, “Ema, tadi kuring meupeuskeun eunteung gede kagungan Juragan Wadana.”
Indung, “Saha nu nyahoeun, yen sia meupeuskeun eunteung?”
Asmad, “Euweuh nu nyahoeun, kuring geuwat bae ka dieu.”
Indung, “Geus atuh ulah rea omong, bisi kadenge ku cakcak, tangtu sia cilaka.”
10. BISI AYA LALEUR PUTIH
Hartina: bisi aya kumisi musuh, baturna bisi kadenge ku cakcak,