Sorena Asta geus jol datang mawa surat tanda tangan, kieu unina, ”Kula geus narima boga hutang ka Asta reana Rp 75 (tujuh puluh lima rupia), perjanjian kaula, baris mayar taun hareup, lamun kaula henteu bisa mayar, sawah kaula sabau, anu baris pigantieunana.
Tanda tangan kaula nu boga hutang.
WANG X SA.
Omong Wangsa, ”Enggeus nyieun tanda tangan teh?” Asta, "Enggeus, tah geura rawatan, kade ulah aya nu nyahoeun, da era.”
Tuluy eta surat dicokot ku Wangsa bari diteundeun kana geledeg gede; ari Asta, sanggeus nampa duit Rp 50 tuluy balik bari suka ati.
Eta kalakuan Asta ngabalik ngaran, jadi Wangsa nu dibalik ngaran.
16. DIDOGDOGAN, DIGOONGAN
Hartina: dibibitaan.
Embah Sipan meunang kateungeunah ti anakna lalaki Ki Astar, tuluy pundung ngamukim di anakna awewe, sarta geus ngomong, yen manehna rek meuli lahan katut imahna di lebah dinya.
Ki Astar geus sababaraha kali ngala bapana, tapi weleh teu daekeun.
Hiji poe Ki Astar ngajurungkeun panutupan, pokna, ”Lamun bapa geus teu karunya ka anak, sarta geus embung papanggih jeung incu, rek pindah bae ka jauhna, sarta lamun daek pindah, rek dipangmeulikeun papakean nu aralus.”
Ari omong Embah Sipan, ”Perkara rek pindah jeung anak bojo ka jauhna, jig bae, hanas aing tea moal balik deui, masih didogdogan digoongan oge.”