menta jadi Jurutulis Wadana di mana bae.
Kira geus tilu bulan lilana, Camat meunang beja ti tuan Kontrolir, yen Mudiam bakal jadi, ayeuna keur disuhunkeun, supaya jadi Jurutulis Wadana Karang.
Camat tuluy ka imahna Mudiam, saurna, ”Mudiam, permentaan maneh tangtu dikabul.”
Mudiam, ”Nuhun; di mana?”
Camat, ”Teu nyaho teuing, kumaha mangke bae, ngan jadi tangtu.”
Mudiam atoheun pisan, meueus-meueus ngadeuheus ka Camat, tuluy naros; tapi nya kitu bae cara tadi, henteu dibejakeun di mana tempatna mah. Carek bojona, ”Akang di mana saur Juragan jadi Jurutulis Wadana teh, jeung iraha?” Mudiam, ”Nyao teuing, di mana-manana mah, atawa tereh-terehna, da ku Juragan dibuni bau bae.”
Atawa.
Mursin geus 2 poe ditahan di Kawadanaan, aya dosana. Nu matak teu acan dipariksa, Juragan Wadana tacan sumping ti pangrondaan.
Mursin ngomong ka Jurutulis, pokna, ”Juragan, naon dosa kuring teh, nu mawi ditahan di dieu?”
Jurutulis, ”Henteu nyaho; eta sugan, nu karasa ku maneh, naon dosa teh?”
Mursin, ”Nya eta teu hartos, nu mawi tumaros tea oge.”
Jurutulis, ”Cicing bae ayeuna mah, engke oge Juragan sumping.”
Sabot Mursin nunggu di Kawadanaan, jebul adina neang bari tuluy nanya, pokna,
”Na ku naon akang teh ditahan di dieu?”
Mursin, ”Teu nyao teuing, da nanya akang teh ka Jurutulis, bet dibuni bau bae.”