Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

20. DITEGAL-AMBAKEUN

Hartina: dibalabahkeun, saha bae nu daek make (diamal-jariahkeun).

Ceuk Ahim ka Saun, ”Kang, kumaha ari Arsain, masih di gunung keneh?”

Saun, ”Duka, da sok kapanggih di dieu bae geuning; sasarina, enya ka dieu tea mah, tapi ngan ukur sapoe dua poe bae; ari ieu bet geus leuwih tilu minggu di dieuna.”

Sabot ngaromong kitu, jol embu Emi, tetehna Arsai. Ceuk Ahim, ”Tah, eteh, kumaha ari Arsain masih keneh ngahumana di gunung teh?”

Wangsulna, ”Hih, ujang, geus heubeul balikna ti gunung, meh kadua bulan ieu.”

Ahim, ”Naha dikasahakeun kebonna?”

Eteh, ”Teu dikasaha-sahakeun, ayeuna mah ditegal ambakeun bae.”’


21. DOGDOG PANGREWONG

Hartina: ngabaturan purah ngagembrong-gembrong.

Asdam jeung Ijab guntreng bae, keur nguruskeun jual meuli kebon. Teu lila jol Arhaman, milu ngomong, nanyakeun naon-naon, nambalang-nambalang bae, malah ngahayu-hayu ngajak lalajo wayang ka Asdam.

Ijab nyentak ka Arhaman pokna, ”Arhaman, maneh geura los indit, jadi dogdog pangrewong bae.”[1]


18
 
  1. ”Dogdog pangrewong” hartina nu teu bisa ngabantuan ka nu barisa; jadi ngagokan. Misilna: Ah, kuring mah ngabantuan nyieun imah soteh, jadi dogdog pangrewong bae, da taya pangabisa.
    Ieu paribasa asalna tina ogel: bodorna sok ngagokan ku dogdogna ka nu keur nabeuh bener.