22. ELOK BANGKONG
| Hartina: | sakarat tunggu-tunggu dawuh, nurutkeun adat jelema nu keur sakarat tikorona sok elok-elokan henteu eureun, saperti bangkong, malah sok disebut eta jelema keur elok bangkong, nya eta hartina keur sakarat tunggu-tunggu dawuh. |
Aki Jamal geringna geus lila, ayeuna nuju payah, atuh nu ngalayad teh rabul bae ka imahna.
Bapa Samar nu entas ngalayad di aki Jamal, ditanya ku suanna pokna, ”Ua, kumaha aki Jamal teh aya senangan?”
Ceuk Bapa Samar, ”Wah taya petana bisa menyat deui, saperkara geringna payah, kadua ongkoh bae jelemana geus asak, malah ayeuna oge keur elok bangkong bae.”
Atawa.
Sok aya nu make, nuduhkeun hayang barang hakan henteu kop, batur-batur mah barang hakan, manehna henteu.
Si Taji imahna pahareup-hareup jeung Daen. Hiji poe Daen, Katatamuan ku sobat-sobatna ti sejen lembur, balakecrakan barang dahar di tepasna.
Si Taji kabitaeun pisan, tapi ku Daen teu disambat, nyao ku naon lantaranana; ku sabab kitu Si Tarji ngawaskeun bae ti jero imahna; lamun nu barang hakan tea keur neureuy cau atawa dodol, Si Taji milu di imahna neureuy, tapi neureuy kosong bae.
Pasosore datang indungna ti panyabaan, barang jol Si Taji, tuluy carita, pokna, ”Ema, tadi di Daen rame rea semah, mani balakecrakan barang hakan.”
Indung, ”Sia diajak?”
Taji, "Henteu, kuring mah elok bangkong bae di dieu sorangan.”
23. GAGALANA
Hartina: jagona (pangbedasna).