Lompat ke isi

Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan V.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Wangsa Jaya, nu hayangeun nyaho, naon rasiahna nu matak eta tuan haji sok ka dinya bae, pasosore nyalukan ka Si Tamen. Barang datang, ceuk Wangsa, ”Men, Cing dewek bere nyaho, rek naon eta haji Baru teh unggal poe bae ka-silaingna, wani dua tilu kali sapoena?”

Tamen, ”Ah, moal dibejakeun rasiahna mah, da ceuk kang haji oge kade ulah loba omong, pokna peupeujeuh, sabab era lamun aya nu nyahoeun; boro-boro bebeja ka anjeun, kuring mah indung suku oge moal dibejaan.”


28. IPIS KULIT BEUNGEUT

Hartina: gede kaera, sabalikna tina kandel kulit beungeut, dina buku jilid ka III no. 36.


29. KABAYAHKEUN

Hartina: kaelehkeun; babakuna kapakena di nu dicandung.

Nyi Armisem lakian ka Ki Wangsa. Lila-lila Ki Wangsa nyandung ka Nyi Sijem sarta dikilir lima peuting sewang.

Barang kira-kira geus meunang tilu bulan, kilirna sok lila di nu ngora, ari di Nyi Armisem ngan 2—3 peuting, tapi ari di Nyi Sijem mah nepi ka 10 peuting. Lila-lila pot pisan Nyi Armisem mah tara dikilir jeung tara dibere balanja.

Tina Nyi Armisen kacida bingungna jeung erana, tungtungna iklas kana diri, tuluy malidkeun maneh kana walungan gede, ngan kabeneran bae aya anu nganyahoankeun, geuwat Nyi Armisem ditulungan.

Ceuk Si Darsa ka indungna, “Ema, ku naon Nyi Armisem malidkeun maneh?”

Indung, ”Atuh meureun bae malidkeun maneh oge, da dinyenyeri ku salakina, teu dikilir, teu dibalanjaan; ari salakina matuh bae di nu ngora.”

22