”Pin! Ari endog hayam anu burung naon ngaranna?”
Sarpin, ”Ari endog burung mah ngaranna malang kancing.”
Adun key bae seuri pipingkelan, pokna, ”Teu umum bae tibalik.”
Sarpin, ”Na kumaha atuh?”
Adun, ”Ari endog burung mah ngaranna kancing malang.”
Sabot eta dua jelema ngaromong kitu, kadengeeun ku Yuda, pokna, “Eta kabeh salah, malang kancing lain, kancing malang lain, endog burung mah ngaranna torok mokmok.”
Tah eta kalakuan 3 jelema kaasup kana paribasa labuh diuk, tiba neundeut.
Hartina: salah kabeh.
39. LESANG KURAS
Hartina: teu bisa ngampihan rejeki.
Ujang Rebo budak rea nu asih; unggal-unggal nu datang ka imahna, kudu bae barang bere, boh duit boh pakean.
Ngan hanjakal budakna royal teuing, lamun boga duit pamere, luhur saperak, handap tilu baru, tuluy bae, jajan sakarep-karepna, tara beunang dihulag ku kolotna.
Upama aya nu mere baju, ngan ukur sapoe, kaduana mah geus dijual atawa dibikeun ka baturna ulin.
Sok rajeun digelendeng ku kolotna, pokna, ”Rebo, ari rejeki maneh teh teu wudu purug, ngan hanjakal maneh teh teu bisa gemi, ari dipapatahan, anggur jamedud rek ceurik, dideuleu-deuleuna ku aing maneh mah bet lesang kuras.”
40. LEUTIK BURIH (LEUTIK PUCUS)
| Hartina: | leutik hate, meh sarua bae jeung bodas ceuli dina ieu buku No. 11. |