41. LUHUR KUTA, GEDE DUNYA
Hartina: Nya gagah, nya beunghar.
Mas Jagasatru kaceluk jelema beunghar, boga anak hiji awewe, ngaranna Nyai Sudimah.
Hiji poe Nyai Sudimah ngariung jeung batur-baturna bari gogonjakan sili jangjaruhkeun sili poyok; lila-lila heureuyna kalepasan datang ka pasea jeung Si Umi, anak tukang soto, Ceuk Nyai Sudimah, ”Umi, naha sia omongan teh matak ngewa teuing, naha boga naon dipake teuing kumaki, kawas teh beh gedongna, beh sawahna; ieu mah pira kabogana ge ngan tanggungan soto.”
Jawab Si Umi, “Paduli teuing teu boga sawah gedong oge, deuleu! Pedah eta anak nu beunghar? Ari ngunghak mah kudu diajar. Ieu mah olo-olo! Masih luhur kuta, gede dunya oge, aing mah teu sieun.”
42. MALIK KA TEMEN
Hartina: asal banyol, jadi enyaan.
Ahmad ngomong ka pamajikanana, pokna, ”Jumsi, lamun maneh jadi haji, tegep temen.”
Jumsi, ”Naha, da akang oge lamun jadi haji kewes.”
Ahmad, ”Wah, puguh maneh, lamun jadi haji teh, heg ditelekung pasmen, ampuh temen.”
Jumsi, ”Komo akang mah, geura, lamun pek nganggo dastar bodas, jubah beureum pek nganggo tarumpah atawa selop, sakumaha pitegepeunana.” Bari tuluy saleuseurian jeung dulur-dulurna.
Heuleut dua poe ti saentas heuheureuyan, Ahmad beuki kacida mikir, boa enyaan, lamun jadi haji teh tegep. Tuluy bae ngajual sawahna sarta Nyi Jumsi rek dibawa.
Barang geus sadia duit, tuluy ngomong ka indungna, pokna, ”Ema, sing hade-hade di dieu, kuring rek munggah haji; ari